Kamis, 02 Februari 2012

Carita Waruga Guru

Ini carita Waruga Guru, eta nu nyakrawati. Nu poek angen tulus, ka kujaba din u bodo, nu tarabuka priyayi sakarep kasorang tineung meunang guru.
Ratu Pusaka di jagat paramodita, eta, kanyahoan Ratu galuh, keurna bijil ti alam gaib, nya Nabi Adam ti heula.
Ratu Galuh dienggonkeun sasaka alam dunya. Basana turun ti langit masuhur, turun ka langit jambalulah, turun ka langit mutiyara, turun ka langit purasani, turun kalangit inten, turun ka langit kancana, turun ka langit putih, turun ka langit ireng, turun ka langit dunya.
Ja kalangan, tata lawas turun ka Gunung Jabalkap. Upami ratu Galuh dienggonkan sasaka alam dunya, Nabi Adam ti heula, pinareking Gunung Mesir. Adam di seuweu opat puluh, dwa nu sakembaran, munijah luluhur haji dewi; cikal, da hiji dingarankeun nabi Isis, luluhur manusa.
Nabi Isa diseuweu Kaliyanggin. / Kaliyanggin diseuweu Malit. / Malit diseuweu Malam. / Malam diseuweu Mahur. / Mahur dseuweu Lamak./ Lamak diseuweu Nasar. / Nasar di seuweu basar. / Basar diseuweu nabi Enoh. / Nabi Enoh diseuweu istri, putri Betari Sanglinglang. / Betari Sanglinglang diseuweu Muladasadi. / Mulasadadi diseuwe Ratu babarbwana, arina karma Batari Logina. / Batari Logina diseuweu Gandulgantung.
Naha ari dingarankeun Ratu Gadulgantung ? / Karna tapa di awang-awang. / Arina karma Betari Cipta Langgeng, siseuweu nya Ratu Menengputih. Naha mana dingaranan Ratu Menengputih ? / Karna tapa dina haseup bijil putih./ Arina karma Betari Ciptawisena, arina diseuweu Ratu Gandul larang./ Naha ma dingaranakeun Gandullarang ? / Karna tapa dina bentang. Arina karma ka Betari Mekubuya / Betari Mekubuya arina diseuweu Ratu Okanglarang. / Naha mana dingarankeun Ratu Okanglarang ? / Karna tapa dina bulan. / Arina karma ka Betari Mekuhurip. Betari Mekuhurip arina diseuweu Ratu Siar./ Naha mana dingarankeun Ratu Siar ? / Karna tapa dina jero banyu.
Arina karma ka Betari Medangtasa. Arina diseweu Ratu Komara. / Ratu Komara arina karma ka Betari Lengisjati / Betari Lengisjati arina diseuweu Ratu Pucukputih./ Naha dingarankeun Ratu Pucukputih?
Kerna tapa di jero langit putih nu leuwih. / Arina krama ka Betari Panggungkancana, arina diseuweu Baginda Premana.
Arina karma Maraja Lengjagat, arina diboga seuweu jumeneng ratu Tajapura Puterjagat./ Ditibanan ci banyu eluh / Diraga-raga ci banyu eluh. Kacarita Waruga Guru jumeneng nyakrawati, katurunan caya eluh, turun Gunung Rajanna, jumeneng ratu Rajanna.
****
Mangka Caritakeun deui Nabi Adam. Diogan sareyat. Lalampahan eukeur bingung, mitetekeun srangenge, hukumna sakur nu usik dihalalkeun, alamna lima riwu tahun, cengkal kayu ka patbelas ratus.
Kasalinan deui ku nabi Enoh, alamna dalapan ratus tahun, cengkal kayu salapan ratus cengkal panjangna, hukuna sakur nu paeh ku maneh diharamkeun, balana saeusina.
Kasalinan deui ku Nabi Isis, diboga kitab tanpa karana./ Caritakeun deui Ratu Rajaputra puterjagat.
Nabi Enoh mireungeuh Nagara Selong padagang dalapan./ Mangka nurut Baginda Premana sabalana kabeh. Ratu Rajaputra Puterjagat nu ranuhan hanteu milu, kudu-kudu karsa dahar babatang./ Mangka kahatur karamana./ Mangka bendu ramana. Eta oge rek dipupusan./ Maka dicekel ku Adam Daur./ Mangka kabireungeuh ku nyai aisna, ku ratu dewi Astra. Mangka dibelakeun jalma sewu./  Tuluyna ka kahiyangan./ Lawasna tapan di kamulyaan, turun ngababakan./ Medang Kamulan sangara, nuboga dayeuh dingaranan Ratu Bawana./ Mangka Diprangan ku Adam Daur, kasedek ngidul ka Pulo Panamor./ Mangka silih balang ku siwalan, turunna ka dayeuh, mana dingarankeun Bagelen.
Caritakeun deui putrana ratu Mesir na putri geulis Raminihalul, nu jung dina bulan Anggarkasih./ Unggalna ka papanggungan nengcengna  patanggalan. / Rek dibeubeureungeuh ka tebeh kidul, behna pameget./ "Rampes, ta inya."/ Tuluy hatir ka ramana, "Rama, kawula dek karma na ais bawa satapa." /
Tuluy dibawa ku Darmasiksa. / Tuluy angkat deungna kai ais dijenengkeun Ahmad Musapir./ Tuluy ka nagara Medang Kamulan; kadaharanan Sri. / Mana aya Sri di Nusa Jawa : / Tuluy karma raka ka pada raka, rai ka pada rai. / Tuluy pinuh Medangkamulan, dieusi ku dua riwu./ Mangka karsa mindah dayeuh ka Gunung Kidul./ Mangka diwaris kuringna ku Darmasiksa, nu ti Mesir sakuringna ka gustina, nu ti selong sakuringna ka gustina./ Saur ratu, "Lalakina eta oge teu dbwaga waris, aya waris purba mana kuat ewe-ewena."/ Mangka tuluy jadi nagara duwa kang raka deungeun kang rai.
***
Mangka caritakeun dei nabi Enoh./ Saurna nabi Adam, "Nabi Enoh, teu yacan dasri sri; reya duradu, kudu bogoh ka papad lalaki, karsa dahar babatang." Saurna, "Nabi Adam, mugi–mugiya keuna bebendon deneng Allah." / Mangkana pasti, dibawa unggah ka parahu Adam Nabi Enoh./ Dibawa unggah ka parahu, manga bijil angina topan sapocoro ti sagara, mangka keueum alam dunya./ Urang Nusa Jawa rame eukeur nyieun gunung.
Saur Ratu Prewatasari jagat, "pikakeueumeun."/ Manghka nyipta gunung sasipat langit, dingaranan Gunung Adraksa./ Mangka urang nusa Jawa dibawa unggah gunung ku Ratu Prewatasari./ Mangka urang Nusa Jawa unggah ka Sanghiyang Puncak Linggapayu./ Mangka lawas-lawas orot deui./ Man anus saat ti heula bojong rencang carengcang betan kembang lopang, mana dingaranan Bojonglopang./ Tuluy diturunan di babakan ku Darmasiksa./ Turunna ka dayeuh, mana aya imbanagara, dijenengkeun Ki Sipati Panaekan masihna ratu leungit di gunung./ Mangka unggah pulo kancana kumambang-kumambang, ditalian ku hoe ku rokro, dicangcang keun ka gunung, dingaranan Nusa Kambangan./ Manga katurunan wahiyu.
Saur nu Wenang, "Geura tapa di sompoking panon poe, dinya pijadieun ratu." / Meunang saur sakecap, tuluy angkat deui. / Saur Nu Wenang, "Jajaga ka loka gumilang na tapa manana aya sawarga loka." / Mangka nerus bumi kahandap ka saragina.
Arina dibabar bawana, mana aya Bwanalarang. Tuluy tapa dinya. / Meunang saur sakecap, mangka angkat deui ka luhur. Bijil ti gunung, babar ti gasak, ti ngabulungbung jalanna, mana mana, dingaranan Pameungpeuk.
Tuluy tapa di Gunung Buligir putih, dibabar bawana, mana aya Bwanalamba./ Turun ka Gunung Dapang, murub muncar pakatonan di jagat paramodita, disujudan ku sajagat kabeh, salimahing bumi sakurebing langit./ Mangka bireungeuh ku Darmasiksa. / Tuluy diparanan ku Darmasiksa, jadi sastra duwa puluh./ Tuluy dibikeun ka dalem dayeuh./ Dihaturkeun deui ka putrana kabeh./ Mangka dibejakeun ka sabrang, ka nabi Enoh.
Saur Nabi Enoh, "Watek eta, Seh, lekab karagragan si banyu eluh, mana jumeneng Ratu Galuh. "Mangka Seh Majuso dudukuh di Masigit Wastu./ Maka Sang Ratu ngajenengkeun papatih opat anu natakeun sakabeh./ Dijenengkeun Adam Daur nu natakeun jalma kabeh ; dijenegkeun Dewa Guru nu natakeun di jero dayeuh, Darmasiksa na natakeun di karataon, Empu Ganjali./ Mangka urang Nusa Jawa pada sujud ka gunung anteg dijieun pamujaan./ Mangka katingalan ku malekat yen ruksak umatna kabeh, alamna sujud ka kayu ka batu. Mangka dipanah gugutuk batu./ Tuluy rempu paburantak, turunna, mana aya Kabuyutan./ Mangka sujud ka batullah.
***
Urang caritakeun deui aya nu tapa di Gunung Padang, yen kawasa, dingaranan Ajar Sukaresi.
Mangka hatur ka Sang Ratu yen kawasa. / Saurna Sang Ratu, "Ah, aing neang ka nu tapa." / Mangke greuhana ditapokan mohana ku kancah./ Saur Sang ratu, "Patih, haturkeun ka nu tapa, Sang ratu bareuh mohana, kunaha ?.
Tuluy ku Kai Patih haturkeun kanu nu tapa./ Haturna Kai Putih ka nu tapa, "Nuhun, kaula dipiwarang ku Sang ratu, sang Ratu beureuh mohana, kunaha ?" / Saur nu tapa, "eta oge eukeur bobot Sang Ratu."/ Kai Putih tuluy pulang, hatur ka Sang ratu.
"Kumaha patih saur nu tapa?" / "Nuhun, Sang Ratu, "Bohong nu tapa, pagah kawasa."/ Arina diteang kancah teu aya, Sang ratu ngandeg./ Datang ka bulanna, babar./ Dingaranan hariang Banga./
Lawas-lawas Sang ratu uwar ka sanagara yen sang ratu eukeur boga seuweu. / Saur Sang Ratu, "Patih, hatur ka nu tapa, Sang Ratu eukeur di boga deui seuweu." / "Rampes,: carekna kai Patih./
Ari datang ka nu tapa tuluy hatur, carekna kai Patih, "Kaula nuhun, dipiwarang ku Sang Ratu."/ Saur nu tapa, "Dipiwarang naha, Kai Patih ?'/ "Mangka Sang ratu bobot, naha ewe-ewe ta lalaki piseuweueunna na ?" / Saur nu tapa, "Reya deui Sang ratu nu tapa, Kai Patih haturkeun ka Sang Ratu, saur nu tapa piseuweunnana ewe-ewe."/
Saur Sang Ratu, "Bohong nu tapa, eta oge kateh."/ Arina diterang kateh teu aya./ Sang ratu tuluy ngandeg. / Ari lawas-lawas ka bulanna, tuluy babar Sang Ratu./
Arina dibireungeuh istri seuweu Sang Ratu./ Caritakeun deui reyana para putra./ Ratu Maraja lenggang seuweuna Ratu Ayub nu calik di Nusa Kambangan./ Arina patutan nya Hariyang Banga turunan Ajar, pulang jiwa nu ngasa di Sumade Kidul Balikna ka Majapait./ Patutan ti Ratu Prawata, eta seuweu Prebu Gunung, Sang Raja Panji.
Patutan deui ti Ratu Maraja Dewi Angin Ratu Pagedongan. / Ratu Maraja Dewi seuweuna Prebu Wiratmaka, Ratu Marajasakti./ Patutan ti Maraja Dewa Putra raba duwa welas nu nyarita tilu.
Mangka turun Ratu Komara ti swarga ngayuga dayeuh di Bojong Cimandala wateun reujeung Cigagakjalu.
Mangka gering sanagara Galuh./ Saur Sang Ratu, kaula rek hatur ka nu tapa, menta tamba gering."/ Hatur Kai Patih, "Nuhun, kaula dipiwarang ku Sang Ratu, menta tamba gering sanagara?"/ "Kaula nuhun Sang Ratu, kaula rek hatur ka nu tapa, menta tamba gering sanagara,"/ Saur nu tapa, "Rampes." / Mangka ngala sagala tamba. / Tuluy dihaturkeun ka Kai Patih, "iyeu tamba gering, haturkeun ka Sang Ratu, kami dek nuturkeun pandeuri."/ "Kaula amit"./ Saur nu tapa, "Pileuleuyan, Kai Patih" / "kaula nuhun, Sang Ratu, ieu tamba gering sanagara tinu tapa." / Tuluy di tampanan ku Sang Ratu./ Arina di buka, beh reundeu. / Tuluy di dahar ku Sang Ratu, nyat waras sanagara Galuh.
Tuluy ka seba deui ka para mantra./ Lila lila tuluy datang Kai Ajar./ Saur Sang Ratu, "Sukur temen Kai Ajar datang. Reundeu baan saha?" / Saur Kai Ajar, "Nuhun, ku kaula; lawas-lawas ari cukul, kahatur keun ka sampeyan." / "Kai Ajar, ari kitu ngabakti keun sesa. "Mangka Sang Ratu bendu. Saur Sang Ratu, Patih paehan Kai Ajar."/ Mangka di cekel ku Kai Patih, dibaan ka ranca Cibungur.
Saur Kai Ajar, "Kai Patih, haturkeun saur kami ka Sang Ratu, jajaga ari boga deui seuweu lalaki nya eta nu di paehan teh."/ Tuluy di telasan. Ngalambangkeun beureum getihna di ranca Cibungur, mangka dingaranan Cibeureum.
Lawas-lawas Sang Ratu ngadeg. Datang ka bulanna, lahir, arina dibireungeuh lalaki./ Mangka diasupkeun kana kandaga kancana reujeung ending sahulu, duhung sapucuk. Tuluy dipalidkeun ka Cintaduy.
**
Caritakeun deui nini Berangantrang, Aki Berangantrang.
"Nini, hade temen impiyan aing, ngimpi kagugun turan manik kacaahan mirah" / "Aki, sugan saapan urang meunang kirim pianak-anakeun."
Isuk-isuk los diteyang, ngagebur kandaga kancana nyorang ka saapan. Tuluy di bawa ku ninina./ Ari dibuka, behna murangkalih, endog disileung leumkeun, keris./ Tuluy diteundeunkeun murangkalih./ Tuluy dirorok, dipangninggurkeun./ Lawas-lawas datang ka tegus cangcut./ Mangka dibawa moyan ku na kai ayah.
Bwat ciung. / "Ayah, nahaeun eta?" / "Ngaranna ciung, anaking." / Bot indungna, bwat bapana, bwat anakna. Pur hiber bapana. / "Ayah, ka mana eta arahna?" / "Piaraheunnana ka daleum dayeuh."/ "Ah, ngaran aing Ciung Manarah."/ Endog tuluy disileungleumkeun. Tuluy megar, dingaranan Singarat Taranjang.
Mangka rame di daleum dayeuh nu keur sawungan./ "Ayah, aing mah hayang ngadukeun hayam aing."/ "Mulah, anaking, bisi eleh marang."/ Mengkena murangkalih hayam tuluy dikelek, duhung tuluy disungkelang. Tuluy angkat, ditutur keun ku na ka ayah.
Datang ka Pagelaran, heran ningal urang pagelaran./ Katingali ku Patih Hariyang Banga, kahatur ka Sang Ratu./ Tuluy di saur ku jogan./ Saur Sang Ratu, "Ari eta seuweu saha?"/ "Kaula, nuhun anak kaula."/ "Dipudut ku ngaing, Aki Belangantrang diperedikakeun sabawa kita"./ Tuluy mulang Aki Belangantrang bari nangis, melang ka kai seuweu.
Rek mireungeuh ka Sang Ratu, mireungeuh deui ka Patih Hariyang Banga, tuluy mireungeuh ka sarirana ku anjeun./ Lila-lila eling carita, hatur ka Sang Ratu, "Kaula anak andika."/ Ngareungeuheun bangkeureuheun miresep hatur sakitu. Lila-lila tuluy eling, Sang Ratu dipundut sungkelangna duhung./ Ari dibireungeuh sungkelangna duhung, beh pun Naga Lumenggung./ Saur Sang Ratu, "Enmya hidep anaking."/ Kahatur ka nyai ibuna./ Tuluy dirawu dipangku diceungceurikan.
Saur Ciung Manarah, "Rama Ibu, kaula neda waris."/ Saur Sang Ratu, "Enggeus beyakeun ku na kai lanceuk, ku Patih Hariyang Banga."/ "Aya soteh kari panday domas kurang hiji, eta waris aing ka hidep."/ Tuluy disuhunkeun waris.
Sang Ratu tuluy dicalikkeun, dijajarkeun, deung na kai lanceuk, deung Patih hariyang Banga dituluykeunna, jengan Patih Ciung Manarah marentahkeun Nusa Tilu Puluh Tilu./ Alamna Ratu Galuh pitung ewu tahun.
Mangka Patih Ciung Manarah karasa nurunkeun panday domas kurang hiji rek nyieun beusi./ Kabireungeuh ku Sang ratu, panujueun./ Tuluy dihaturkeun nyieun deui bale beusi./ Kabireungeuh, panujuen dihaturkeun./ Arina nyieun deui konjara wesi./ Arina dibireungeuh ku Sang ratu, panujueun, dihaturkeun./ Saur Patih Ciung Manarah, "Henteu nyaho ta jerona, Rama"/ Tuluy dilebetkeun ku Sang ratu./ "Hade," saur Sang Ratu./ Jeprak di kancing ku Patih Ciung Manarah, dijingjing ka paseban, diundangkeun ka sadadayeuh./ Teu dibere cai, teu dibere sangu, dikemitan ku para seuweu./ Lawas-lawas saurna Patih Ciung Manarah, "Sang Ratu lintuh lintuh keneh."/ Horenganan dibalangan keupeul ku Patih Hariyang Banga./ Mangka bendu Patih Ciung Manara, mesat hateup sirap, dibalang kang raka./ Tuluy bendu ka sang raka./ Mangka konjara wesi rek diirik./ Ku Patih Ciung Manarah direbut./ Ku Ratu pagedongan tuluy disusupkeun ka Gunung Kelong.
Tuluy perang, mangka disedekkeun ngetan kang raka. Datang ka Balangbangan, saur kang raka, "Rayi, urang eureun." / "Raka, rampes." / Tuluy eureun teoheun maja, tugna bhwah kalayar./ Dicandak ku na kai lanceuk./ "Rayi, iyeu bwah naeun?"/ "Iyeu bwah maja, Raka."/ "Ngeunah didahar ?"/ "Ngeunah, raka."/ Arina didahar pait./ "Majapait iyeu pingaraneun nagara."
Disedekkeun deui ngulon kang rayi ku kang raka./ Datang Tajigbarat, saur kang rai, "Raka, urang eureun."/ "Rayi, rampes." / Eureun teoheun paku tug bwahna. Dicandak ku na kai ais, "Raka, buah naeun iyeu?. "Bwah paku jajat."/ "Pakwan Pajajaran ieu ngaran."
Mangka perang deui. Datang ka Taraban, mangka turun Darmasiksa./ "Nya prerang, anaking." Cipamali nerus gunung, teka nunjang ka sagara halerang godong angsana, na kang raka di Candak ku kai mas dipidwah keun ngulon.
Tuluy dikumpukeun ka Nagara Galuh ku Darmasiksa./ Konjara wesi diparanan ku Ratu Maraja sakti, dicipta tuluy lebur jadi cai, turunna ka dayeuh, mana aya Kandangwesi.
Tuluy kumpul deui Nagara Galuh, pada marek ramana neda idin. Mangka matur kang rayi, "Rayi ulang jumeneng ratu ti heula,"/ Saur Kang Raka, "Suka aing jadi ratu ti heula, da aing kolotna anak putu, rayi ku aing dikawulakeun mo jumeneng nyakrawati lamun teu ngumbara heula".
****
Patih Hariyang Banga karsa murud ngetan, maan kuringna satak sawe nitih Majapahit./ Puputra Prebu Mula./ Prebu Mula arina puputra Prebu Terusbawa./ Terusbawa puputra Terus Bagawat.
Terus Bagawat puputra Prebut Terus Gumuling./ Prebu Terus Gumuling puputra Prebu Mangoneng. Prebu Mangoneng puputra Prebu Terus Bangbang. Terus Bangbang puputra Ki Gedeng Mesir./ Ke Gedeng mesir puputra Ki Gedeng Jati./ Ki Gedeng Jati puputra Ratu Prewata./ Ratu Prewata puputra Ki Gedeng Mayana./ Ki Gedeng Mayana puputra istri, dingarankeun Ratu Sarikem./ Ari karma ka wong agung Batullah, dingaranakeun Seh Kures.
Kaselangna ku Ratu Pajang manyakit wawatuneun mejangan budak bule pitambaeun./ Nimu Ki Gedeng Selang, putri dianggo, manyakit warasna. Putri tuluy bobot./ Arina babar Ki Gedeng Kacung./ Ki Gedeng Kacung arina puputra Ki Gedeng Surawul. Ki Gedeng Surawul arina puputra Pangeran Sedang Karapay, puputra Sedang Kajenar./ Pangeran Sedang Kajenar puputra Pangeran Sedang Kamuning./ Pangeran sedang Kamuning puputra Sutan./ Sutan arina puputra Susunan./ Susunan arina puputra Susunan Mangkurat./ Susunan Mangkurat arina puputra Pangeran Mangkunegara, kang rayi susunan puger, puputra Pangeran Mangkunagara./ Pangerabn Mangkunagara puputra Pangeran Dipati.
Caritakeun deui Ciung Manarah, karsa rek murud ngulon./ Mangka maan kuring panday domas kurang hiji nitih lemah Pajajaran./ Arina krama ka ratu Endong Kencana./ Arina puputra Darma Rehe. Darma Rehe arina puputra Lutung Kasarung./ Lutung Kasarung arina puputra Prebu Lingga Hiyang./ Prebu Lingga Hiyang puputra Prebu Lingga Wesi./ Prebu Lingga Wesi arina puputra Prebu Lingga Wastu./ Prebu Lingga Wastu puputra Sang Susuk Tunggal./ Sang Susuk Tunggal arina puputra Prebu Mundingkawati./ Prebu Mundingkawati puputra Prebu Anggalarang./ Prebu Anggalarang puputra Prebu Siliwangi, jumeneng nyakrawati Pajajaran.

Dari :
Lima Abad Sastra Sunda – Sebuah Antologi, Jilid I, Wahyu Wibisana dkk. Geger Sunten,Bandung – 2000 – Disadur dari Poesaka Soenda, No.9,1923).

Jati Raga

Jati Raga


Ujar Batara Premana, T(e)rus linglang teka (ri(ng) buwana herang "Ah ini Si Ijunati. Ah lain kasorgaa(n)na, Sang Hya(ng) Tu(ng)gal Premana. Muku eta leuwih, Ja tu(ng)gal tu(ng)gal ai(ng), Premana premana aing." Terus linglang teka ring buwana lega.
Ah ujar Sang Hyang Aci : "Ah ini Si Ijunajati. Ah lain temahanna, Sang Hyang Tu(ng)gal Wisesa. Muku eta Leuwih, Ja wisesa-wisesa ai(ng)." T(e)rus lingla(ng) teka ri(ng) buwana hening.
Ujar Sang Hyang Aci : "Aing ini Si Ijunati, Ah kena karah lain, Ka hanan (S)ang Hyang Hurip. Tan hana bayu sabda hdap. Muku eta leuwih teui(ng), Ja hurip hurip aing, tapa tapa aing(ng), bayu bayu aing(ng), sabda sabda aing, Hda(p) had(p) ai(ng)."
Sapet t(e)rus linglang, teka ri buwana niskala. Aci buwana aci ning buwana, aci acining beura(ng) sadakala.
Ujar Sang Hyang Aci na aci wisesa: "Aing ini Si Ijunajati. Ah lai(n) kasorgaan Batara Niskala, Inya Batara Lenggang Buwana, Inya Batara Sang Acilarang. Aci ning herang, Aci ning hening, Aci ning dewata kabeh.
Hurip ning hurip kabeh. Inya nu ngayuga bayu sabda had(p), Cinta rasa pramana wisesa, Hurip tu(ng)gal tapa, Inya nu ngageugeu(h) hurip.
Aci pwah ma Sang Hyang Sri wisesa, ti nu wisesa leuwih, Ti nu leuwih bedeto, ti nu bedeto hurip, ti nu hurip adras, ti nu adras endah, ti nu endaj ali(t), ti nu alit(a) niskala, ti nu niskala ra(m)pes, ti nu rampes dewata, ti nu dewata.
Ja inya nu ngalungguh, di jebaning dewata, Di jebaning hurip, di jebaning biheung, di jebaning hanteu.
Ju(ng)junan satema(h)han, Jungjunngan sadewata. Sira ta ratu retuning dewata. Batara Jati Niskala, Tema(h)han Batara Niskala, Yata dewata niskala, pitu racok jadi tunggal, Mari siranan tu."
"Ah", ujar Sang Hy(hy)ang Aci Kumara. "Ja lumiri cakrawati. Muku eta leuwih teuing, Ja eta niskala ai(ng), ali(a) alit aing, biheung biheung aing, hanteu hanteu aing, tan hana tan hana aing.
"Yata nira nu mangih, ning bumi kumirinycing. Rari sada tatabeuhhan, ri aci bumi kumirinycing, Kumarenycang kumarenycong, rari tinu rari aci kwaswar(r)anan, hya(ng) gending (gending) narawangsa, Kaamsuh ku deneng pawana.
Wijaya ta si(ng)ra hasta, na bumi tan hana pretiwi, na dalem tan hana (a)ngkasa, na rahina tan hana (a)ditya, na candra tan hana wulan, na maru(ta) tan hana angina(a), na teja tan hana maya, na akasa tan hana pe(ma)ga, na jati tan hana hurip.
Tan uwung-uwung manuruwung, Awang-awang mang(ng)amsara. Tan (kiku) kapetengan deneng syang, tan kapadang(ng)an deneng padang, tan kalinwungan deneng rahina wengi, tan karuhur(r)an, deneng nu ruhur, tan kaiswar(r)an deneng swar, tan kaalitan deneng leganyia. Aci(n)tyia ning dewata. Ya ya mana dipajar, na Bwana Jatinsikala.
Ditapa kyarasa nge (nyi nyu) casah, lungguh asa di mega, hum(e)neng nu tan papolah, Awak diya mandala ni(ng) ratna sa(ma)di, teka tumwangtan sira mari adoh purek.
(Yata) ujar Batara Niskala: "Aduh anaku, Sang Hya(ng) Aci Kumara, bagya lagi kita ri kahanan mami, luna duk puna asuh-asuh, tohaanna ning (nana) suka sadye anaku."
Ujar Sang Hyang Aci Kumara: "Aduh knang kanistyia, ku nigi nistina, ku suksu nigi nistina, kasuruh ku Sang Hyang Ayah, ka Batara Guru seda buwantala, aci Pwah Sang Hya(ng) Sri."
Ujar Sang Acinta La(r)rang: "Aduh anaku Aci Kumara, hayu samadyana lamun sakitu, maan talatah aing sakini. Lamun mumul mulah disungkah, ja luru raga, lamun daek ma baan deung hiji anaku." Mulah salah tuduhhan, Aja epwaga na pitu: Pwah Tunyjung Herang, Pwah Sri Tun(ny)jung lenggang, Pwah Sri Tun(ny)jung Hung, Pwah Sri Tun(ny)jung Manik, Pwah Sri Tun(ny)jung Putih, Pwah Sri Tun(ny)jung Bumi, Pwah Tun(ny)jung Bwana.
Mangku kurung(ng)anana ma, Maan aksari kalih, Ngara(n)na Aksari Tu(ny)jung Maba, Aksari Sri Tun(ny)jung Mabra, Aksari Sri Tun(ny)jung Syang, Aksari Sri Tun(ny)jung Kuning, Aksari Sri Tun(ny)jung Nagawali, Aksari Naga Nagini. Selang sagini: Pwah (ri ru) Sari Banawati deung, Pwah Aksari Manikmaya. Aksari Mayata, Aksari Atastita, Aksari Madongkap, Aksasti Nilasi, Aksasri Mayati, Aksari Wadi(ng)ngin, Aksasi Ku(m)bakeling, Aksari Maya Yuwana, Aksari Jana Lawaka, Aksari Manwa(n) Hireng, Aksari Madwada, Aksari Kunti, Aksari Titisari, Aksari Kindya Manik(a) Aksari Madipwak(a), Aksari Maya, Aksari Jabung, Aksari Galetwar, Aksari Werawati, Aksari Rumawangi, Aksari Kinasihhan, Aksari Kamwawati, Aksari Kemang, Aksari Kujati lawan(a) Pwah Bentang Kukus, Aksari Ratna Kusumah, Aksari Hening Hinisjati, Aksari Nwangtwan Manik, Aksari Gendang, Aksari Kalasan, Aksari Endah Patala, Aksari Sedajati, Aksari Imijati, Aksari (jle jlu) jlag sabumi, Aksari Pada Ni Wa(ng)ngi, Aksari K(e)ling, Aksari Gwada Banycana, Aksari Saresehkane. Tan kabilang geusa(n)na ma, Di bwana endah. Dibabakuna tingkes larang, Ti leumpang wisesa sekar bumi, Si Deuwi Bukacim, Ti Maraja Nisgandawati. Sira Deuwi (si su) titi tan hening, Pwah Wirumananggay kaserep jati, deung ambu rai rena kasih.
Sakitu nu ngababakan inya. "Tarahhan geura leumpang, anaku! Herang talatah aing t(y)ea. Lamun tuluy tepung, baan! Lamun hamwa, misui! Sakitu anaku."
Ujar Sang Hyang Acikumara: "Aduh hantyanuta." Ujar Batara Niskala: "Hayu aya sakitu ma, samadyana sama pun. Mwa nywarang seupanana, Ngacalwaan batra nurah(h)an. Sakitu pun. Hanteu kami geura lumaksana, Sakitu sama guna."
Ujar Batara Niskala: "Aduh rahayu anaking, Bwah iman ka aing, Ngadudulur ka sabda rahayu. Hengan ta aing ngaran kanurah heula, Nama sira saha, Prebu Jatiniskala Sang lenggang Buwana, Aci aci ning dewata. Sakitu, nama sira (a)naku. Keh geura s(y)ia leumpang Jajahan na Jatinistmen. Sugan kita kapanggung, Mangke rekwaha(n) na wasta, hanteu na pipulihheun. Maring mulih manih ka sakala, tunda mangke na raga alit, Dina tan hana masya.
Anggeus ma manggih tan arupa mene, Husir deui na raga alit ma, Kita ngaraga deui, A(ng)geus ma kita turun, kita  kana buwana endah, Sakitu anaku."
Yata Sang Hyang Acikumara, Ngarasa maneh a(ng)geus dipa(ng)mukakeun. Sabda mirus midway tan karara, Tuluy sumiri sakeng kuna, Breh welan tan durelan, Tarap majamen ri telas, Sira hanan ta lua, Sang Mwanwan sira hanan ta lua. Paher ta sira sakeng paterus alit, T(e)ka ri bumi tan hana. Ah ini Si Ijunajati Nistmen. Ah lain temah(h)an rahyang jati tan hana. Ja wanang rang Darmajati, Kena karah muku leuwih, Jati tan hana ta. Aing darmajati, aing  inya eta i(ng)nya aing, I(ng)nya ai(ng) inya eta, Pet t(e)rus linglang, Peuting bumi ning hireng. Sanjay bumi herang. Ah ini Si Ijunajati Nistmen, Swak caang hanteu nu meungpeukan inya. Ah lain na cangkang, Na (bwa)bwana kwaswang. Muku leuwih ja kwaswang. Aing itu ta mana haci gupu, Man(a) gagah twatwaman, Gumantung tanpa walayut, lurnya nguruwung, Temah(h)an batara, Batara Bayu Bwana. Itu ta mana barekat mahamit, Temah(h)an bakukna na pwasa.
Lamun baluk manarawang, Ah silang sakitu. Muku eta leuwih, Ja baluk baluk aing, Pwasa pwasa aing.
Yata sira tumwantwan maring adwah, Aparek tumata ring kalantara. T(e)rus li(ng)lang t(e)rus manarawang ri niskala, antyana ta aduna patala.
Ujar Sang hyang Aci Wisesa :"Ah na naha eusi raga eta ?" Tan pakena tan parupa, ning kalangkang, rungmangyem rumanyeum. Hana tan hana maswaksa, Ku swak  beuteung swak leungeun swak hulu. Sawareh sabumi, Sabumi bwana tiga te kitu. Eta ma teka kwaswang  sabwana ta. Pitu lwarnyia sumingir singir, Sumunyia taya tata.
Ujar Sang Hyang Aci Wisea:"Ah linglang aing datang, ka Jatinismen mwang, aing nanggalkeun raga heula.
Ya mana ditinggalkeun raga, di buwana langgeng. Nya mana pet mecat, Sang Hyang Aci Nistmen tina raga alit.
Na raga ditunggwan ku bayu dewata, Hda(p) dewata sabda dewata. Sakitu mnawi pajarkeun, Anggeus cu(n)duk puhun, datang ka tangkal, Katutu(r)ning bisa (katutuning bisa), Ka tutur ning ireug.
Inya sida Jatinistmen, Ya sida tan hana paran, Sida mwaksah tan hana tuduh(h)an. Sira ta manggih tan parupa, Tan pareka tan pakahanan, Sang Hyang tan abayu,  tan asabda tan ahdap, tan atutur tan aswarga, tan amwaksah tan alepas, Tan hyang tan dewata, tan  warna tan darma. Apan sekar nala sadakala, tan katemu inajyan, Tan katemu inangen-angen.
Ya ta Jatinsitmen, Tan kaucap tan karasa, tan kaprisa tan katwatwan, Tan kapretan, nis; lamun lasmana.
Hana bayu tan pahayu (tanpa bayu), Hana sabda tan pasabda, Hana hda(p) tan pahda(p), Hana hurip tan (ha hu) kasengguh hurip, Tan swaran I ruhur.
Hana bayu aing sakini, Hana sabda sabda aing sakini, Hana hdap hdap aing (ni nu) sakini. Kumaha de(k) katuduh, ja hanteu tuduheunana. Kumaha de(k) kahdap,  Ja hanteu hdappeunana. Kumaha de(k) katwa(ng)twan, Ja hanteu seungguh(h)eunana, tan tunggal tan premana tan wisesa, Ja pun twag ning pareng kwat, Hingan ning kasan.
Yata hening jagat, Yata sakini jatinistemen, Hamwa kapalang. Disengguh jati tan juti, Disengguh luput tan (tan) luput, Disengguh biheung tan biheung.
Yata bisa nyamuni sang hyang kapas,Na katuduh na jatinistmen, Na agama na tan katuduh, Nu ngadeuleu di jeba (we wu bi bu) jatinistmen. Nu kumaha nu maka ngahdap Dituduh ma tan katuduh.
Inya nu nuduh, inya nu katuduh. Inya nu nnyieun inya kajyieun. Makana tan katuduh. Beuteung: patingtim patingti(m) maneh, Mana katuduh nuduh maneh, mana kahdap ngahdap maneh. mana wayana carita  nyaritakeun maneh, mana na nis nganiskeun maneh, mana (ha)na ngahanakeun maneh. na biheu(ng) luput ning biheungna, Lupu-luput ning luputna, Jatinistmen lupu jatinistmen."
Sakitu tegesna jatinistmen, pun. Dah sarira ganal sakitu, Ya iki ya iku, Inya iki inya iku. Tucap na sang hyang raga alit, Ya na bayu sabda hda(p).
Ujar sira ng tang: "Ah wi(ng)sesa teuing aing, hamwa waya nu wisesa mana aing, hamwa waya nu leuwih mana aing, hamwa waya nu dewata mana aing, teka hanteu nu ngawisesa aing, ka pangkiuna aci jatinistmen."
Ujar sira ta: "Ah bayu sabda had(p), eta teka nyenggug maneh, pangrasana ma hanteu acan, ditinggakeun ku ngaing. Mwajat deui(ng) na bayu sabda had(p), hengan sakiweu tapasna na ra(m)pes. Aing (aaing) jati na aing, aing wisesa na aing, acina dewata kabeh. aing aci Jatiniskala, aing aci Pata(ny)jala, kasi aci Prabu Cakrawati, aing asana ma."
Ujar Aci Jatinistmen: "Bayu sabda had(p), mulah syia majar maneh, leuwih sadar maneh ja tina wisesana. Mulah majar maneh, aci na aci Prebu Cakrawati, Mulah inya ma inya, Kehna manggwalna ja waya rupa na raga."
"Papa sya", ujar bayu sabda had(p). "Ah eta si rampes, Ah eta Si Ijuna(ng) Jatinistmen, hanteu kajeueung, rwana, hengan kadenge swarana."
Ujarna Aci Jatinistmen: "Ah bayu sabda had(p), rupa reka ku waya, ja aing nya nya na aci Jatinistmen, ja aing nya luput ning luput, ja aing nya hanteu ning hanteu, ja aing nya biheung ning biheung, ja aing nya  leungit ning leungit, ja aing nya mwaksah ning miwaksah, ja aing jati ning jati, ja aing tmen ning tmen, ja aing sekar putih ning sekar putih, ja hanteu syiar(r)eunana, ja hanteu nu disyar hanteu teu nyiyar. Inya nu nyeueung inya nu kajeueung, Inya hana inya tan hana, Buni tan buni, Ereh tan ebreh.
Inya aing nu ngadeuleu, Di jeba ning dewata Di jeba ning hurip, Di jeba ning (hing hu ri ru) sang manwan, Di jeba ning ning jati, Di jeba ning biheung, Di jeba ning bayu, Di jeba ning sabda, Di jeba ning hda(p) Dideuleu tan kadeuleu. Aing nu ngadeuleu, (di jeba) bayu tan meulu bayu, ngadeuleu sabda tan milu sabda, ngadeuleu had(p) tan milu hda(p). Aing sang Manwan, Dipitegelan bayu sabda hdap. Sabda nu ngiwkaskeun sarwwa ni(ng) ajnyana, Sarwwa ning gama (sa)."
Sakitu bayu sabda hda(p). Haywa sira tan w(e)ruh ri jatinika. "Mulah sya majar maneh leuwih, ja sya bayu bayu aing, had(p) had(p) aing, hurip hurip (p) aing, aci aci aing, dewata dewata aing, patanyjala patanyjala aing, cakrawati cakrawati aing. Inya aing inya syia, Inya syia inya aing."
Sakitu bayu sabda hdap. Ya tan a aci Jatinistmen, teu kadenge jati remwana, ri riga jati niskala.
Apet ma ngawindu larang, si nuta danisdya, wi(ha) cwarnilas teulu suniras. Mana adras linglang jiwana, Jauhna wineh ku riga danuh ring kibas, marem manuharemngakeun, t(eu)lu gana wiksuh manurihan, ta wanaditya pada ma.
Yateka waya di sa(k)si, raga alit ta yata na Jatinistmen, teka pet rasa pet cinta, pet had(p) pet sabda di jeba sabda, pet bayu di jeba (ba)yu sabda hda(p).
Ujar sira: "Ah bayu sabda had(p), inya keh aing nu mangka kumapa eta. Leu(m)pang (ng)aing kanyahwaan, datang aing tan kahyahwaan, tekang waya di sa(k)si, apan aing i(ta)nanya aci Jatinistmen, aci Prabu (ci cu) Cakrawati. Inya ngara(n)na lamun ta: bayu dibaywan sabda disabdaan deui, Had(p) dihdapan deui, Hurip dihuripan deui, herang diherang(ng)an deui, Jati dijatyan deui, niskala diniskalaan deui, alit dialitan deui, lenyep dilenyepkeun deui, Tali(ng)nga ditali(ng)ngakeun deui, le(m)pang di leumpangkeun deui, Geuing di geuingkeun deui. Dungkuk iyeuna, lekah mangan nginum, aguna magaway.
Aing mana yukti, mana wastu bayu sabda hdap(a). Syanu purah ngawaskeun, Sa(ng) Manwan ma nu dipitegelan. Sang Manwan nulis manwan, tinulis Sang manwan kahanan papa, na panwangtwan, nyarita dicaritakeun.
Aing nu ma(ng)hanakeun. Aing hurip wisesa Sang Manwan. Ya sina(ng)gguh ngajati remsa(n) niskala. Uh rem uh basa luput sarba nma, uh karwa(ng)twanna ma tu(ng)gal niraga.
Sakitu geugeus na Jatiremsan(a), di raga Jatiniskala. Byakta Iwirnya raga dewata niskala, Katwangtwan ku na waktek dewata kabeh.
"Aing ma tan kanyahwaan. Lamun ngajati remsan di manusa, Byakta iwirnya, Kadi manusa katwa(ng)twan, Ku wwang buta manusa. Apan bisa nyamuni, Sang Hyang Rampes, Aci Jatinistmen, aci Prabu Cakrawati, Tan kna tinuduh(h)an, deneng mula murtinya, deneng buta manusa."
Nu katuduh raga nu ganal rupa manusa, nu keuna dingaranan di manusa. Yata katuduh Prabu Cakrawati,  K(eu)na ti nuduhan deneng, ragu na raga di manusa, Euweu(h) keneh sawake num ajar inya.
U di wiku manarawang, U di ratu manarawang, mana majar inya. U di janma manarawang, Mana majar inya.
Wwang buta manusa ma(na) tan wruh. Marukan lain hurip bumi, hurip buwana.
Ditamakeun kaulinan(n)ana, ditamakeun bebegiganan, manten ngabage ngabanycana. Nu mangka inya tan kawruhan. Ya sa(ng)kan aja nemu rampes, Keuna ku na papasang(ng)an, ngabamswa maring wwat gwanggang, kapanggih wwat ugal-eugil, tata duuman watek, Wwang pungung sakitu.
"Ya sakini aing inya, nu tan karasa bayu sabda hda(p). Aja kalingane waya, nu rampes mannan aing." Ujarna ta: "Ah karah had(p) pet, hana sakini rampes, had(p) pet(a) karah, hengan aing na wisesana. Waya deui ngara(n)na, mana aci ku nu aci, nya mana aing wisesana, Ku nu wise(si su)sa ngaran(n)a."
Ujar Aci Jatinistmen: "Bayu sabda had(p), waya aing nu wisesa, na tata anggeus matingtim, di jeba patingtiman, di jeba ning dewata, di jeba bayu sabda hda(p). matangyang Sang Manwa, Sang Maha Sarira. Ya dina alit  ning bayu sabda hda(p). Yata manapet metu sakeng tan hana. Ya mana rasa ci(n)ta, Hdap bayu sabda, bray bayu sabda, bray kalwar wkas tuna, sabda niskala. Sakecap nyata pet rahasyea, siwah tatwa maya, tan(a) tunggal bayu sabda hda(p), tunggal ni(ng) deuleu, tunggal ning denge.
Uh anggeus nywawana sabda, Nywawana had(p),  Nywawana bayu, Nywawana kade(ng)nge, Nyawawana kajeueung, Na aci Jatinistmen. Yata ngarana bayu sabda had(p), tunggal di gurip jati ning wisesa, Watek  nistemen."
Yata sakitu na tegeng Jatiremsan, uh ya putu remsa(n) niskala, Uh nya mana pawekas na sabda tunggal, Ah na sabda nya ngaran(n)a. Saikang sangamwa sanidwa, maletwa sastra maswang na ika, na sabda kapigang sang uninga hengan. Pun


Disadur Oleh : Agus Setia Permana
Dari : Gambaran Kosmologi Sunda, Undang A Sudarsa dan Edi S. Ekadjati, Pustaka Kib;at Utama, Bandung - 2006

PEUPEUJEUH GAGAK MAS TI HARUMAN

1. Bul kukus mancur ka Manggung
Ka Sang Guru nu Luhung
Al-Qur’an Kalam nu Agung
Kalam Gusti nu Maha Luhur
Tuduh jalan keur makhlukna
Hidayahna tinu Agung


2. Kalam Gusti anu Maha Suci
Mukakeun hijabna diri
Sing apal kanu Yang Widi
Saha jalma apal ka diri
Tangtu apal ka Gustina
Eta jalma Umat Nabi

3. Duh Gusti nu Maha Kawasa
Nu Maparin nikmat rasa
Nikmat rasa nu Karasa
Karasa ku sakum manusa
Nu ngabogaan asa rumasa
Rumasa kanu Kawasa

4. Bul kukus mancur ka Manggung
Wasiat karuhun baheula
Keur incu buyut nu aya
Sing apal tugas ning raga
Jembatan sakabeh mahluk
Mulang deui kanu Agung

5. Mupunjung ngagungkeun nu Agung
Lain ku kebul jeung ku kukus
Dibarengan jeung ku eling
Sariring-riring gumading
Sarengkak jeung paripolah
Kudrat Irodat anu Agung

6. Sekar Wangi Sekar Pati
Mukakeun lalangse diri
Kahieuman geblekna dunya
Mopohokeun diri urang
Ka Gusti nu Maha Suci
Poho waktu nu Pinasti

7. Vihamsa mukakeun raga
Pring gandring mukakeun Bathin
Ranggalawe babarengan
Kotektak raga nu aya
Taliti tangtung sakujur
Ciptaan nu Maha Agung Amin ya Robbal Alamin Mugi Gusti Nangtayungan……!!!

GAGAK NGELAK DINA SAYANGNA

1. Hei sakabeh manusa
Ulah lali ulah mopohokeun
Naon tujuanna hirup
Jeung naon ari hartina hirup
Urang darma wawayangan
Hiji waktu urang baris mulang 


2. Sing saha jalma tacan teurang
Kana praktekna Sholat Dhoim
Eta teh Sholat Sajati
Padameulan Kanjeung Nabi
Keur mukakeun lawang hijab
Hijabna ka Gusti nu Maha Suci 


3. Omat ulah rek lalawora
Kumeuleundang di ieu alam dunya
Teangan prak geura teangan
Pangaweuruh apal ka Gustina
Sabab teu apal di dieu
Tangtu kasasar engke di ditu 


4. Hei sakabeh manusa
Hiji waktu urang bakal dikubur
Raga balikna dikubur
Ari roh urang erek ka mana
Mun can apal ka Gustina
Tangtu urang marakayangan 


5. Meungpeung masih aya waktu
Meungpeung masih urnag kumeuleundang
Gunakeun sa teu acan robah
Robahna urang jadi kaduhung
Kaduhung nu teu manggih tungtung
Kasiksa nu teu manggih wates

6. Di ieu alam dunya
Waktuna teh urang keur tatahar
Nyiapkeun eukeur beukel mulang
Sabab hirup katungkul ku pati
Paeh teu nyaho dimangsa
Pineupieun nu kudu dipikiran 


7. Tong sieun ku datangna maot
Sabab maot geus bagian urang
Ayeuna atanapi engke
Urang pasti bakal ngalakonan
Mun geus apal ka Gustina
Mulih ka Jati mulang ka Asalna